naon artina istilah istilah olahraga di foto jeung kalimatna
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Istilah istilah olahraga dina basa Sunda nyaeta istilah olahraga anu dipikawanoh sarta diucapkeun ku urang Sunda umumna dumasar kana istilah aslina atawa istilah tina basa asing, tapi dina basa Sunda eta istilah istilah olahraga teh diucapkeun dumasar kana sorana. Eta istilah istilah olahraga dina Sunda bisa oge kaasup kana kecap serepan.
Pembahasan
Dina basa Sunda istilah istilah olahraga nu asalna tina basa asing oge diucapkeun jeung ditulis dumasar kana huruf nu dipikawanoh dina basa Sunda, saperti kecap service diucapkeun jeung ditulis jadi serpen, sabab umumna dina basa Sunda mah henteu dipikawanoh huruf f atawa v, sanajan kiwari geus loba urang Sunda nu mikawanoh huruf f atawa v.
Di handap ieu nyaeta sawatara istilah istilah olahraga dina basa Sunda jeung hartina sarta jeung conto kalimahna masing-masing:
Maen Bal (Sepak Bola)
- aut (out) hartina nyaeta bal kaluar lapangan, conto kalimahna "Sanajan diudag sataker kebek, eta bal teh aut ka luar lapangan teu kaudag".
- gul (goal) hartina nyaeta bal asup kana gawang, conto kalimahna "Kakara oge maen lima menit eta kasebelasan teh geus bisa nyieun gul kana gawang lawan"
- prikik (freekick) hartina nyaeta tajongan bebas, conto kalimahna "Sanggeus bal keuna kana leungeun salahsaurang pamaen lawan, wasit mere tajongan prikik ka kasebelasan Indonesia"
- hen (hand) hartina nyaeta bal keuna leungeun pamaen, conto kalimahna "Gul anu kadua teh dihasilkeun kusabab aya kajadaian hen di pamaen lawan"
Badminton
- serpen (service) hartina nyaeta mimiti nepak kok, conto kalimahna "Serpen Rudy Hartono mah geus kakoncara ka mana-mana"
- aut (out) hartina nyaeta kok kaluar lapangan, conto kalimahna "Ari sugan smes Susi Susanti teh asup, sihoreng ceuk wasit mah aut"
Pelajari lebih lanjut
- Naon nu dimaksud kecap serepan https://brainly.co.id/tugas/7388439
- Conto kecap serepan https://brainly.co.id/tugas/14915018
- Kecap anu hese ditarjamahkeun https://brainly.co.id/tugas/16934256
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 8.13.6
Kata Kunci : Istilah olahraga dina basa Sunda